Ku: Neneng R. Agustini, S.Pd
(Guru Basa Sunda SMPN I Cipeundeuy)
Sampurasun!
Sunda mangrupa salahsahiji sèkè sèlèr basa nu aya di alam dunya. Nurutkeun hasil panalungtikan UNESCO, yèn sèkè sèlèr di sakuliah dunya tèh kabèhna aya kana kurang leuwih 6000-na.
Tina 6000 sèkè sèlèr tèh tangtu miboga basa sabagè alat komunikasi di masarakatna.
UNESCO ogé ngayakeun panalungtikan, tur hasilna nétélakeun yén ti taun 2000 nepi ka 2003 dina waktu tujuh poé sakali, aya basa indung nu tumpur, nu jadi panyababna diantarana nyaétan kurang perhatian ti para panyaturna alatan pangaruh globalisasi .
Sèkè sèlèr Sunda, nu nyicingan wilayah Indonèsia nu pernahna di Provinsi Jawa Barat, tangtu miboga basa sorangan, nyaèta Basa Indung, anu disebut Basa Sunda.
Basa Indung nyaèta basa nu diwanohkeun kahiji jalma ku indungna tibarang gubrag ka dunya tur dipakè pikeun komunikasi sapopoèna.
Basa Sunda salaku Basa Indung, geus tangtu kuduna mah diwanohkeun tur dipakè ku nu ngaku sèkè sèlèr Sunda.
Kumaha kaayaan Basa Sunda ayeuna? Pikahariwangeun, masarakat geus keuna ku panèka jaman, geus embung makè Basa Sunda minangka basa karuhun. sapopoè geus remen ngagunakeun Basa Indonèsia, atawa basa asing, keuna ku paribasa “Jati kasilih ku junti”, Basa Sunda kaèrèh ku basa lian.
Tangtu waè aya sababaraha alesanana teu makè deui Basa Sunda, nyaèta:
1. Basa Sunda dianggap kampungan, èra lamun ngomong makè Basa Sunda.
2. Sieun salah ngalarapkeun undak-usuk basa.
3. Basa Sunda teu payu kana gawè.
Alesan di luhur lamun terus dipakè bakal ngakibatkeun leungitna atawa tumpurna Basa Sunda. Basa Sunda bakal ngalaman nasib saperti Basa Romawi, Basa Kawi, Basa Sansekerta, Basa Yunani, jeung Basa Latin. Lamun tèa mah kajadian modèl kitu, atuh sèkè sèlèr Sunda gè bakal ilang tanpa karana, luyu cek paribasa ” LEUNGIT BASANA ILANG BANGSANA”.
Basa tèh cicirèn bangsa, aya sèkè sèlèr Sunda sabab aya basana. Ku kituna salaku teureuh karuhun Sunda anu embung leungit basa warisan karuhun, hayu urang ngamumulè Basa Sunda ku cara nyarita makè Basa Sunda kalayan bener tur merenah, bener ngucapkeunana, merenah ngalarapkeunana.
Hayu urang leuwih daria mikanyaah, ngamumulé Basa Sunda, mun teu ku urang, ku saha deui.
Wilujeng *Miéling Poé Basa Indung Internasional Taun 2021*
BASA TÉH CICIRÉN BANGSA.
LEUNGIT BASANA ILANG BANGSANA
BASANA NANJUNG BANGSANA LINUHUNG.
Mugia, Sunda apanjang – apunjung.
Ngamumulé Basa Daérah, mertahankeun Basa Indonésia, ngulik Basa Asing.
HURIP SUNDA!
Hurip Sunda
Tina dongeng sawatara Mahmud – Mamah Muda – anu satemena make tur reueus kana Basa jeung Budaya Sunda, teu ieuh ngajadikeun Basa Sunda jadi Basa Indung, salahsahiji perkarana, aya kahiream kudu ngajarkeun Basa Indonesia kadituna. Samalah nuturkeun jaman, kiwari mah, balita geus diwanohkeun kana basa deungeun, ku alatan pikeun ngigelan jaman, cenah.
Ku sabab kitu, aya hadena saupama para ahli nyindekkeun hiji papagon, utamana keur Mahmud, iraha waktu anu mustari pikeun ngawanohkeun basa sejen, saupama Basa Sunda jadi Basa Indung, boh Basa Indonesia, atawa basa internasional.
Walagri Sunda