Skip to content

Dinas Pendidikan Kabupaten Bandung Barat

Primary Menu
  • Beranda
  • Tentang Kami
    • Tujuan Dinas Pendidikan
    • Struktur Organisasi
    • Pejabat Struktural Dinas Pendidikan
    • Tupoksi
    • Kontak Kami
    • Visi Misi & Moto
    • Maklumat Pelayanan
  • Statistik
    • Neraca Pendidikan 2016
    • Neraca Pendidikan 2017
    • Neraca Pendidikan 2018
    • Neraca Pendidikan 2019
    • Neraca Pendidikan 2020
    • Neraca Pendidikan 2021
  • Produk Hukum
  • Download
    • Library Document
    • Ebook
  • SAKIP
    • Renstra Disdik 2018-2023
    • IKU 2022
    • Perjanjian Kinerja Pejabat Eselon 2022
    • RKT Tahun 2021
  • Gallery Photo
  • Standar Pelayanan
  • PPPK
    • PPPK 2022
    • PPPK 2023
  • Portal Layanan
    • Portal Pelayanan
    • Portal Pengaduan
    • PETADIK
  • Publikasi
    • Majalah Kinanti
    • Podcast Bisa Cerdas
  • Home
  • News
  • CARAKA ALAM

CARAKA ALAM

Antologi Carita ti Gunung ka Gunung
Penulis: Budi Ruhiat, M.Pd. ISBN: 978-623-96083-9
Editor: Adhyatnika Geusan Ulun, S.Pd., M.Pd.
Desain sampul: Yayu Anggraeni Tata Lẻtak: Ruslan Abdulgani
Penerbit: Mandatrama Grafika

________________________________________________________________________________________

CARAKA ALAM

Pangarang: Budi Ruhiat
(Kapala SMPN 1 Saguling)

 

Pangarti kana ẻlmu panga- weruh hirup   di   alam   be- bas geus boga dadasar lantaran kuring dilahirkeun di kampung, jadi geus biasa leuleumpangan jauh, suku jebrag bitis buncir cirina mi- neng dipakẻ leumpang jauh, ẻta salah sahiji modal dasar bisa  miluan  kagiatan  pecinta alam, salian ti ẻta mah ẻlmu pangaweruh tẻh masih kẻnẻh nol, modal anu lain na mah karesep asruk-asrukan leuleuweungan jeung gugunungan. Ari babaturan saangkatan mah aya nu geus leuwih tiheula ancrub dina dunia pecinta alam, jadi saeutik na geus boga pangalaman. Tah ieu ogẻ jadi pangdorong kuring bisa aktif di organisasi pecinta alam, itung-itung diajar ka babaturan.

Salila saminggu kuring diajar rupa rupa ẻlmu pangaweruh, timimiti diajar navigasi darat, jelajah gunung rimba, Survival, mountaineering, susur sungai, caving, camping, hiking, climbing, diving, rifting, SAR, konservasi, orad (olahraga arus deras), Bivak, jeung rẻa-rẻa deui, bẻrẻs ngabahas tẻori diteruskeun ku praktẻk lapangan.

Praktẻk lapangan dibingbing ku babaturan nu geus tiheula boga pangalaman, saolah olah seniorna meureun istilahna tẻh, sabab salah sahiji prinsip anu kudu di turut lamun ngalakukan lalampahan di alam bẻbas samẻmẻhna kudu ditangtukeun saha nu jadi pamingpin, rencana nu rẻk dilakukan di perjalanan, pakakas anu kudu di bawa boh ku sẻwang sẻwangan boh kabutuhan babarengan. Ẻta kabẻh kudu di siapkeun sarapih rapihna jeung salengkep- lengkepna supaya sagala hal anu bakal dirandapan bisa di sanghareupan. Nu ahirna bisa salamet sarẻrẻa.

Tengah peuting jemplang jempling kuring jeung rombongan indit ti Pasar Luhur Cimahi makẻ angkot, jrut turun di hareupeun sakola pulisi Cisarua, ret kana jam tangan karẻk jam 01.15 tengah peuting, lalampahan diteruskeun leumpang, untung boga suku jebrag jeung bitis buncir tẻa rarasaan bakal kuat leumpang jauh ogẻ, keur mah urang kampung mah geus biasa leumpang jauh.

Teu karasa leumpang tengah peuting mah da  teu kaluar loba kẻsang. Mimiti jalan anu kaliwatan leucir ku aspal beuki dieu beuki gorẻng, batu garinjul, meus- meus tijalikeuh, untung sapatu nu dipakẻ sapatu boot meunang nginjeum ti hansip tatangga di lembur, geus gorẻng tẻh deuih katambah jalan jadi leueur lantaran basa wanci reup reupan Magrib, hujan ngagebrẻt badag pisan. Kurang leuwih dua jam mapay-mapay jalan satapak, jog anjog kahiji imah. Imahna nenggang jauh ti imah tatangga nu sẻjẻn na, meh mencil di sisi pasir jauh kamana-mana, ceuk babaturan kuring ẻta tẻh imah kuncẻn suku Gunung Burangrang ngarana Kang Anang. Ningali warugana barang mimiti mah reuwas pisan lantaran beungeutna katingalna geus kolot pisan rada katambah carẻham handap jeung luhur nyẻngsol, ari ngomong kadẻngẻna ngosom, leumpang rada bongkok, tapi teterelengan siga leumpang tengah poẻ, padahal poẻk mongkẻng buta rajin ceuk kolot mah.

Dina kaca imah Kang Anang pinuh ku stiker ti sababaraha kelompok pecinta alam anu pernah nyimpang ka imah kuncẻn. Biasana unggal gunung sok aya kuncẻn na, sok dipapatahan naon anu teu meunang dilakukan atawa bahasa naon anu teu meunang diucapkeun jeung sababaraha pantrangan nu ulah dilakukan jeung nu kudu dilakukan. Salian ti ẻta kuncẻn sok ngingẻtan naon waẻ barang anu kudu dibawa jeung ulah dibawa. Kuring lain percaya kana tahayul tapi satungtung kaharti ku akal mah, unggal-unggal naẻk gunung sok diturut we, maksud tẻh ngarah salamet diperjalanan kahontal sagala anu dimaksud jeung bisa balik deui ka imah kalawan salamet.

Bru,  rangsel  ditambrukeun  di  tepas  imah  Kang Anang, ucul-ucul sapatu dibuka. Lumayan ogẻ leumpang tẻh jauh, ret deui kana jam tangan geus jam tilu leuwih wanci janari leutik diganti ka wanci janari. Teu lila reureuh di imah kuncẻn sabab rombongan kudu ngagugu kana parentah kuncẻn, nyaẻta kuring jeung rombongan kudu mandi di tujuh pancuran ngarah salamet cenah, lamun rẻk naẻk ka Gunung Burangrang.

Reuwas jeung asa teu percaya sanggeus leumpang tengah peuting kudu terus mandi Subuh kẻnẻh pisan, halimun masih nyimbutan, ibun ge masih kẻnẻh pinuh ngahalangan titingalian, tapi dalah dikumaha parentah kuncẻn kudu digugu. Saurang- saurang mimiti mukaan baju buligir tinggal makẻ kolor wungkul. Mandi peuting ẻta babarengan.

Bra-bru pakaian dibuka jadi tanggung jawab masing-masing, bẻrẻs mandi tingkalacat ti pancuran naẻk kana galengan tingal kuring sorangan masih kẻnẻh mucicid katirisan nenẻangan kolor, sawatara batur kabẻh geus bẻrẻs dibaraju lengkep, akhirna kuring makẻ calana teu dikolor jero lantaran teu kapanggih teuing di mana muragna. Tisaprak harita ngaran kuring dilandi jadi si “kolor”, ceuk istilah anak gunung mah ẻta tẻh nama rimba. Sabenerna mah kuring teu resep dilandi ngaran si kolor tẻh tapi dalah dikumaha da cenah nama rimba diciptakeun dina kaayaan luar biasa salila perjalanan pendidikan dilaksanakeun. Salian ti ngaran rimba kuring anu gorẻng kitu bari kuring ge teu resep makẻ na, sarua babaturan saangkatan boga ngaran sẻwang-sẻwangan anu araranẻh, aya nu ngaran rimbana Twiki, kusabab tiap nyarita sorana siga robot dina film Twiki. Film Twiki harita mah jadi film anu loba pisan nu mikaresepna. Aya deui anu ngaran rimbana si Komo. Kusabab tiap ngalengkah keur leumpang babarengan ngahalangan waẻ jalan, ngagokan batur nu rẻk leumpang hareupeun nana. Kabẻh akhirna boga ngaran rimba masing-masing anu diakibatkeun ku kajadian salila lalampahan pendidikan latihan dasar.

Profil Pelajar Pancasila

  1. Nilai naon waẻ anu aya dina carita pangalaman diluhur nu saluyu jeung nilai Profil Pelajar Pancasila?
  2. Pangalaman naon waẻ anu saluyu jeung nilai Profil Pelajar Pancasila?
  3. Nilai naon waẻ anu teu saluyu jeung nilai Profil Pelajar Pancasila?
Total Views: 352

Continue Reading

Previous: KOPERASI DAN MANAJEMEN PROFETIK
Next: Menghormati Murid

Cari Berita Disini

Popular Post

You may have missed

dinn1
  • Artikel Populer

Sekolah di Perbatasan, Garuda di Dadaku

bidangsmp 29 June 2025
WhatsApp Image 2025-06-17 at 09.32.26
  • Berita

Jurnal Kinanti Raih Tiga Besar Lomba Inovasi Daerah KBB 2025

bidangsmp 18 June 2025
PGRI KBB
  • Berita

Selamat, Rustiyana Pimpin PGRI Kab. Bandung Barat Periode 2025-2030!

bidangsmp 15 June 2025
igi kbb
  • Berita

PELATIHAN TARL UNTUK GURU KAB.BANDUNG BARAT BERSAMA IGI DAN TELKOMSEL

bidangsmp 2 June 2025
Copyright © All rights reserved. | MoreNews by AF themes.