Budi Ruhiat, M.Pd
(Guru PKn SMPN 1 Ngamprah)
Pangarti kana elmu pangaweruh hirup di alam bebas geus boga dadasar lantaran kuring dilahirkeun di kampung, jadi geus biasa leuleumpangan jauh, suku jebrag bitis buncir cirina mineng dipake leumpang jauh, eta salah sahiji modal dasar bisa miluan kagiatan pecinta alam, salian ti eta mah elmu pangaweruh teh masih keneh nol, modal anu lain na mah karesep asruk-asrukan leuleuweungan jeung gugunungan. Ari babaturan saangkatan mah aya nu geus leuwih tiheula ancrub dina dunia pecinta alam, jadi saeutik na geus boga pangalaman. Tah ieu oge jadi pangdorong kuring bisa aktif di organisasi pecinta alam, itung-itung diajar ka babaturan.
Salila saminggu kuring diajar rupa rupa elmu pangaweruh, timimiti diajar navigasi darat, jelajah gunung rimba, Survival, mountaineering, susur sungai, caving, camping, hiking, climbing, diving, rifting, SAR, konservasi, orad (olahraga arus deras), Bivak, jeung rea-rea deui, beres ngabahas teori diteruskeun ku praktek lapangan.
Praktek lapangan dibingbing ku babaturan nu geus tiheula boga pangalaman, saolah olah seniorna meureun istilahna teh, sabab salah sahiji prinsip anu kudu di turut lamun ngalakukan lalampahan di alam bebas samemehna kudu ditangtukeun saha nu jadi pamingpin, rencana nu rek dilakukan di perjalanan, pakakas anu kudu di bawa boh ku sewang sewangan boh kabutuhan babarengan. Eta kabeh kudu di siapkeun sarapih rapihna jeung salengkep lengkepna supaya sagala hal anu bakal dirandapan bisa di sanghareupan. Nu ahirna bisa salamet sarerea.
Tengah peuting jemplang jempling kuring jeung rombongan indit ti Pasar Luhur Cimahi make angkot, jrut turun di hareupeun sakola pulisi Cisarua, ret kana jam tangan karek jam 01.15 tengah peuting, lalampahan diteruskeun leumpang, untung boga suku jebrag jeung bitis buncir tea rarasaan bakal kuat leumpang jauh oge, keur mah urang kampung mah geus biasa leumpang jauh,
Teu karasa leumpang tengah peuting mah da teu kaluar loba kesang. Mimiti jalan anu kaliwatan leucir ku aspal beuki dieu beuki goreng, batu garinjul, meus- meus tijalikeuh, untung sapatu nu dipake sapatu boot meunang nginjeum ti hansip tatangga di lembur, geus goreng teh deuih katambah jalan jadi leueur lantaran basa wanci reup reupan Magrib, hujan ngagebret badag pisan. Kurang leuwih dua jam mapay-mapay jalan satapak, jog anjog kahiji imah. Imahna nenggang jauh ti imah tatangga nu sejen na, meh mencil di sisi pasir jauh kamana-mana, ceuk babaturan kuring eta teh imah kuncen suku Gunung Burangrang ngarana Kang Anang. Ningali warugana barang mimiti mah reuwas pisan lantaran beungeutna katingalna geus kolot pisan rada katambah careham handap jeung luhur nyengsol, ari ngomong kadengena ngosom, leumpang rada bongkok, tapi teterelengan siga leumpang tengah poe, padahal poek mongkleng buta rajin ceuk kolot mah. Dina kaca imah Kang Anang pinuh ku stiker ti sababaraha kelompok pecinta alam anu pernah nyimpang ka imah kuncen. Biasana unggal gunung sok aya kuncen na, sok dipapatahan naon anu teu meunang dilakukan atawa bahasa naon anu teu meunang diucapkeun jeung sababaraha pantrangan nu ulah dilakukan jeung nu kudu dilakukan. Salian ti eta kuncen sok ngingetan naon wae barang anu kudu dibawa jeung ulah dibawa. Kuring lain percaya kana tahayul tapi satungtung kaharti ku akal mah, unggal-unggal naek gunung sok diturut we, maksud teh ngarah salamet diperjalanan kahontal sagala anu dimaksud jeung bisa balik deui ka imah kalawan salamet.
Bru rangsel ditambrukeun di tepas imah Kang Anang, ucul-ucul sapatu dibuka. Lumayan oge leumpang teh jauh, ret deui kana jam tangan geus jam tilu leuwih wanci janari leutik diganti ka wanci janari. Teu lila reureuh di imah kuncen sabab rombongan kudu ngagugu kana parentah kuncen, nyaeta kuring jeung rombongan kudu mandi di tujuh pancuran ngarah salamet cenah, lamun rek naek ka Gunung Burangrang. Reuwas jeung asa teu percaya sanggeus leumpang tengah peuting kudu terus mandi Subuh keneh pisan, halimun masih nyimbutan, ibun ge masih keneh pinuh ngahalangan titingalian, tapi dalah dikumaha parentah kuncen kudu digugu. Saurang- saurang mimiti mukaan baju buligir tinggal make kolor wungkul. Mandi peuting eta babarengan. Bra-bru pakaian dibuka jadi tanggung jawab masing-masing, beres mandi tingkalacat ti pancuran naek kana galengan tingal kuring sorangan masih keneh mucicid katirisan neneangan kolor, sawatara batur kabeh geus beres dibaraju lengkep, akhirna kuring make calana teu dikolor jero lantaran teu kapanggih teuing di mana murag na. Tisaprak harita ngaran kuring dilandi jadi si “kolor”, ceuk istilah anak gunung mah eta teh nama rimba . sabenerna mah kuring teu resep dilandi ngaran si kolor teh tapi dalah dikumaha da cenah nama rimba diciptakeun dina kaayaan luar biasa salila perjalanan pendidikan dilaksanakeun. Salian ti ngaran rimba kuring anu goreng kitu bari kuring ge teu resep make na, sarua babaturan saangkatan boga ngaran sewang-sewangan anu araraneh, aya nu ngaran rimbana Twiki, kusabab tiap nyarita sorana siga robot dina film Twiki. Film Twiki harita mah jadi film anu loba pisan nu mikaresepna. Aya deui anu ngaran rimbana si Komo. Kusabab tiap ngalengkah keur leumpang babarengan ngahalangan wae jalan, ngagokan batur nu rek leumpang hareupeun nana. Kabeh akhirna boga ngaran rimba masing-masing anu diakibatkeun ku kajadian salila lalampahan pendidikan latihan dasar.
Profil Pelajar Pancasila
- Nilai naon wae anu aya dina carita pangalaman diluhur nu saluyu jeung nilai Profil Pelajar Pancasila?
- Pangalaman naon wae anu saluyu jeung nilai Profil Pelajar Pancasila?
- Nilai naon wae anu teu saluyu jeung nilai Profil Pelajar Pancasila?
Profil penulis
Budi Ruhiat, Lahir di Cilame kecamatan Ngamprah Kabupaten Bandung Barat, 18 september 1970. Mancen tugas ngajar pelajaran PPKn di SMPN 1 Ngamprah ti tahun 2000 nepi ka danget ieu. Karya di antarana kontributor buku Jejak Pena Sang Guru-Penerbit Arashi Group 2021, Kontributor buku Hikmah PJJ, penerbit Newsroom press, 2021. Juara 1 Anugrah Konstitusi Kabupaten Bandung Barat tahun 2017. Jurnalis Newsroom Tim Peliput Berita Pendidikan Kabupaten Bandung Barat. Wakil Kepala sekolah Bidang Kurikulum ti 2010 dugi ka ayeuna. Ketua MGMP PPKn Kabupaten Bandung Barat, Tim Pengembang Kurikulum Kabupaten Bandung Barat, Pengurus Koperasi ti taun 2005 dugi ayeuna, Pembina Ekstrakurikuler Pecinta Alam SMPN 1 Ngamprah (BRIGASPALA) 2004-2008. Anggota tim Penyusun Peraturan Bupati No. 42 Tahun 2019 tentang penyelenggaraan Pendidikan Antikorupsi di satuan pendidikan. Instruktur Nasional K-!3, jeung Instruktur Kabupaten 2014-2017, Pemateri Aplikasi e-raport Kabupaten Bandung Barat, Pemateri Insersi pendidikan Anti korupsi, Insersi Pendidikan Lalulintas pada mata pelajaran PPKn.
Мy family members every time say that I am wasting my time here at web, except I know I
am getting experiencе all the time by reɑding thes nicе aгticles.
This deѕign is steller! Ⲩou certainly know how
to keep a reader amuѕed. Between your wit and үour videos,
I waѕ almost moved to start my own blog (well, almost…HɑHa!) Fantastic job.
I really loved what you had tо say, аnd more tһan that, how you presented it.
Too cool!
Heya i’m foг the primary time here. I came across
this board and I in finding It truⅼy helpful
& it helped me out much. I’m hoping to pгesent something back and aid others such
as you aided me.
This рost is worth everyone’s attention. When can I find out more?